February 13, 2005

di dieu, harepan jadi walungan
:keur teh neni nu keur sedih

enya, meureun kuring jeung anjeun
geus teu bisa deui ingkah. malibir jalan
tina carita nu geus mangusum-usum kajadian
rurusuhan ngalengkah pikeun lumpat tina kanyeri
anu ngarohang na dada urang. kuring jeung anjeun
ningan teu walakaya. ukur bisa ngaheruk
bari ngitung ratug na jajantung

di dieu, harepan jadi cai walungan
ngamalir marengan getih
sarenghap jeung ambekan urang
ngamuara dina hate

peuting ukur nyesakeun jempling
sedeng carita anjeun can manggih tungtungna
beuki peuting, hate beuki godewang

"ningan cinta teh perih, kang!"
gerentes hate anjeun marengan bulan
nu ceurik balilihan.

BumiAllah, 13 februari 2005.

4 Comments:

Anonymous Anonymous said...

saurkeun ka teh neni, ulah sedih kituh. teu sadaya cinta matak peurih. asal keyeng merjuangkeunna, bakal nimu cinta nu mawa bagja.

4:00 PM  
Blogger Unknown said...

thank gan informasion is ferry ferry good. Obat Cacar Air Paling Ampuh

1:18 PM  
Anonymous pengobatan sakit maag pada ibu hamil said...

keren selalu postingannya nih..

2:55 PM  
Anonymous QnC Jelly Gamat said...

Ditukangeun kasusah pasti aya kabungah http://obatgagaljantung.web.id/

8:37 AM  

Post a Comment

<< Home