December 11, 2007

--<<:: WALUNGAN HATE ::>>---
--<:(Konser duet Live cent cent jeung sireum):>--


dimana katumbiri teh nyai?
nu aya ngan caah bandang
langit heurin ku pepedut
naha srangenge teu bisa ngabagikeun suriang

mumunggang langit geus kalimpudan ku haseup, mamang
eweuh nu nyesa iwal ti tarajalna batu-batu nu meh aya di unggal titincakan
eweuh deui tempat paranti urang ngiuhan, mamang
ganti ku imah sigrong nu pada nyebut villa tea
kamana ari walungan tempat muru meakkeun hanaang
kamana, mamang?

nyai, walungan mah ngan aya di hate urang
nu hanaang kutiisna cai
sesa ibun subuh tadi
nyai,
ibun mah ukur nu urang
nu unggal poe ngorondang
neangan bahan paranti dahar
villa, nyai
beu asa jadi katumbiri
nu suda
ka kabiri ku seahna caah kabutuh
beu nyai, na kamana kudu ngiuhan

meureun bener ceuk nu jadi indung, mamang
geura pelak tatangkalan na leuweung jero dada
tancebkeun sing pageuh ka museur hate
hiji waktu, anjeun bakal beakeun tangkal saukur keur ngiuhan
mangsa eta, tangkal na dada anjeun bakal mere hiliwir angin nu geus mangpirang2 jaman leungit diteureuy waktu

hayu atuh, nyai
sing caringcing mageuh kancing
saringset mageuh iket
urang pelak mang rewu-rewu tutuwuhan
di hate urang
keur barudak nu bakal hanaang di mangsa datang
hayu nyai,
melak rasa
ku asih
jeung nyaah
keur panyebor tutuwuhan rasa
jang mangsa nu bakal karasa
ku barudak, jaga

hayu, mamang
urang singkil
nyingkahkeun hama ceuceub jeung ngewa
ngabasmi wereng korup
jeung sarakah
hayu, mamang!

2007

December 04, 2007

hujan, cimata, jeung samagaha

hujan peuting ieu mawa gelap jeung burinyayna
nakolan rasa ku gundam jeung samagaha

di dieu, kuring ngukur cimata make lambaran lambaran kertas
pulpen meh beak, tapi cimata masih menta nuliskeun kaperihna

beu geuning cimata teh teu daek suda
kualatan naon atuh kasedih nyimeuhan carita

anjeun masih keneh nyukcruk jalan pileumpangan, nyorangan
ngemu kahariwang
mapay kasieun

bongan saha kudu nyukcruk kahariwang
na kamana leungeun jang muntang ka imutna pangeran

eweuh sasaha
ukur kuring jeung cimata
ukur anjeun jeung kahariwang

ah, padahal kica-kica masih daek ngiceupkeun cayana
ngabejaan kamana suku kudu leumpang
kawerat naon atuh nu ngaweuhkeun hate

masing masing urang, pada pada boga jalan
hiji waktu, urang jeung anjeun paamprok dina hiji pengkolan
urang jeung anjeun silih titenan kanyeri sewang-sewangan
silih rampa rasa

di masigit leutik di hate urang masing-masing
aya mihrab jeung mizan
di dinya urang bakal istirah
ngarampa dua
ngarampa doja
ngarampa dosa
bari ngitungan sabaraha warsa nu geus kasucikeun tina pepedut jeung samagaha rasa

February 13, 2005

di dieu, harepan jadi walungan
:keur teh neni nu keur sedih

enya, meureun kuring jeung anjeun
geus teu bisa deui ingkah. malibir jalan
tina carita nu geus mangusum-usum kajadian
rurusuhan ngalengkah pikeun lumpat tina kanyeri
anu ngarohang na dada urang. kuring jeung anjeun
ningan teu walakaya. ukur bisa ngaheruk
bari ngitung ratug na jajantung

di dieu, harepan jadi cai walungan
ngamalir marengan getih
sarenghap jeung ambekan urang
ngamuara dina hate

peuting ukur nyesakeun jempling
sedeng carita anjeun can manggih tungtungna
beuki peuting, hate beuki godewang

"ningan cinta teh perih, kang!"
gerentes hate anjeun marengan bulan
nu ceurik balilihan.

BumiAllah, 13 februari 2005.

December 16, 2004

teuing peuting ka sabaraha

ieu teuing peuting ka sabaraha
basa kuring jeung anjeun silih simbeh ku getih
silih banjur ku nanah jeung kasusah
asa geus mangrebu peuting kaliwatan
tapi kuring masih keneh hanaang
hanaang ku sangsara nu tanwates
hanaang ku kanyeri nu tanpa tanding

ieu teuing peuting ka sabaraha
basa urang silih rangkul
bari pasrah nampe mangjutajuta
godewangna rasa.

BumiAllah, 16 Desember 2004
----ukur kahayang nu kumalayang----

October 29, 2004

satengahing jalan

geus mangpirangpirang usum kaliwatan
panon poe nanceb di mumunggang gunung
seja balik, nganteurkeun peuting
jeung sepi jempling

didieu kuring reureuh
sanggeus lumampah ngitung kasalah
ngalengkah ngijir kanyeuri
dina lima belas wanci anu rineh
bulan nu cahyana murub mubyar
poe nu kasaktian nana tanpa wates

kuring eureun didieu
rek muka lawang peteng
nu geus mangpirang alam kakonci

kuring didieu, moal ngelehan
di satengahing jalan.

BumiAllah, 29 oktober 2004

September 14, 2004

RE: [Urang Sunda] komara langit..Keur Sireum Hideung

ulah jero teuing teuleum teh nyai
ambekan nu ngarojengja
nyeuseup jeung mudalkeun kahariwang
mending diteangan dina lencopna pucuk eurih
atawa dina tungtung kawih.
nu kaciri ngagarayam lir sireum hideung dina walikat manehna
mawa duriat nu ngagurat

geura kahariwang teh urang pasang dina heurap
teu kudu make leugeut atawa haseup menyan
cukup ku patumbu leungeun
bari neuteup ngan ulah haripeut
bisi jauh teuing ngawelah parahu
nu antukna hese mulang.

prak nyai…geura lakonan…!!


MSas
Bdg Sep 2004
Keur Sireum Hideung
komara langit

langit masih nu baheula,
biru jeung pinuh komara.
niungan taman ati.
kalangkangna ngagurat taraté kahuripan,
sakumaha rusiah kahirupan urang.
Wilujeng siang!

bandung, 08 september 2004
di alih bahasakeun ku gan kumincir



April 18, 2004

kuring ngan kalakay
nu ngajomantara ka awang awang
nu ngoleang kabawa angin peuting
nu saukur bisa pasrah
nitipkeun diri kana lengkahna usum.

March 30, 2004

naon hartina simbol lamun cimata
masih keneh kaluar alatan beuteung
beuteung kosong teu manggih eusi?

mana kasaktian simbol mun getih
masih keneh ngamalir
alatan silih curiga?

hanjakal euweuh partai nu gambarna sireum

January 27, 2004

anjeun moal ngarti

rebuan kecap ngamalir kana panto hate anjeun
anjeun tangtu ngan saukur seuri bangun cangcaya
enya, kuring jeung anjeun ukur bisa silih gero dina
kalimahkalimah pondok tanpa bisa amprok

tapi rampa ku anjeun seahna hate kuring
nu marengan guligahna rasa
gumuruhna ombak dina jero dada geus jadi tanda
yen ngaran anjeun lain ngan saukur ngaran biasa
nu bisa leungit ku cai hujan sapoe
lain. ngaran anjeun marengan lengkahna hate
didieu, dina tatapakan kuring nu beuki lila beuki jauh
nu beuki lila, beuki rea rungrang

anjeun moal ngarti kana eusi hate wanoja
moal, kasep.

BumiAllah, 27 januari 2004