January 27, 2004

anjeun moal ngarti

rebuan kecap ngamalir kana panto hate anjeun
anjeun tangtu ngan saukur seuri bangun cangcaya
enya, kuring jeung anjeun ukur bisa silih gero dina
kalimahkalimah pondok tanpa bisa amprok

tapi rampa ku anjeun seahna hate kuring
nu marengan guligahna rasa
gumuruhna ombak dina jero dada geus jadi tanda
yen ngaran anjeun lain ngan saukur ngaran biasa
nu bisa leungit ku cai hujan sapoe
lain. ngaran anjeun marengan lengkahna hate
didieu, dina tatapakan kuring nu beuki lila beuki jauh
nu beuki lila, beuki rea rungrang

anjeun moal ngarti kana eusi hate wanoja
moal, kasep.

BumiAllah, 27 januari 2004

January 09, 2004

--<<:: SAJAK TI DUA NAGARA ::>>---
--<:(Konser duet Live budhiako jeung sireum):>--


printer meh kosong eusina
jurnal geus minuhan meja
buku pabalatak di mana-mana
tapi angger teu daek tret nulis

geulis, anjeun teh geulis nyai...
ningan ieu panon anteung ka anjeun
ningan ieu leungeun angger enteup


nu bisa ngan ukur ngahuleng
ningalikeun photo urang jadi wallpaper
mangsa keur babarengan rengse ski

deui, kuring geus kapalingan deui
ku imut anjeun nu mirut jajantung
deui, kuring geus melang deui
sieun anjeun teu balik deui.


poe ieu anjeun lunta
hanjakal kuring teu miang
sabishi kunarimasita

ret deui ret deui juru panon ka eta wanoja

-----------------------------------------------------
09 januari 2004: 07:26pm
sireum (http://setan.bbv.or.id)
budhi setiawan (http://khoishii.blogspot.com)
-----------------------------------------------------

January 07, 2004

cipati*

seuneu amarah ngalentaban hate urang
jadi ruhak
panasna maehan cimata
eweuh deui nu jiarah mawa rumasaning hirup
mawa kalimat gusti anu suci
kabeh geus poho temah wadi
hayang jadi raja nu ngawasa hirup pati

BumiAllah, 07 januari 2003

*) ide judul ti kang erwin

January 03, 2004

ngan keur anjeun ieu catetan

panungtungan taun, aya catetan ditulis
keur anjeun, ngan keur anjeun. mangsa
katukang teu kudu jadi rungrang
sabab mangsa harep jalan masih panjang
masih loba impian nu can beunang
masih aya keneh harepan keur urang
patepung, silih balaka kana angkaangka
nu tuluy lumpat muru peuting anu jempling

ngan keur anjeun ieu catetan
ditulis dina waktu nu nyerelek
taun tereh ganti dina itungan detik
layar geus diturunkeun pikeun jejer satauneun
hayu urang lumpat muru alamat nu bakal mere
rasa tingtrim dina diri

geura tutup catetan heubeul
hayu asup taun anyar, muka lawang
keur sagala rasa.
rasa anjeun.
rasa kuring.
rasa.

BumiAllah, 31 Desember 2003
23:15