May 23, 2003

hakekat

layung turun mawa hawa peuting. jangjangna nutupan panon poe. sukuna nanceb pageuh dina poekna peuting. wanci ieu kuring nulis hiji coretan keur anjeun sorangan.

waktu paguneman teu mawa harepan, ngan nyesakeun rasa panasaran jeung kakuciwaan, kabeh geus teu dipiharep, sabab mun hate geus maheut sagalana moal karasa.
euweuh deui tilepantilepan kamangmang. moal aya deui hiliwirna angin leutik kasedihan nu ngarugrugkeun akar kapercayaan

moal aya emas nu gumerlap mun teu ngagali taneuh. moal aya berlian anu cahayaan lamun teu neuleuman dasar samudra. lain ngan saukur harepan na implengan atawa impian nu ngan tumpukan pikiran jadi cepengan. kabeh butuh proses, jeung sagala harepan sarta halangan, jeung sagala usaha sarta pamahaman supaya sakabeh tujuan benang.

mudah-mudahan anjeun paham. lamun geus ninggali bodasna kapas, hideungna areng. anjeun bakal nyarita: eta hal nu sabenerna. lamun geus ngarasakeun panasna seuneu, tiisna salju anjeun tiasa wakca: eta hakekatna.

teu bisa dipiharep mun ngan saukur titinggalian. kolebatan pikiran nu lumpat bakal muka kaagungan, katalitian jeung kasabaran. katenangan jeung harepan bakal muka tabir kapetengan.

kuring miharep urang bisa paham ngenaan urang. lamun letah masih ngalagukeun "kuring nyaeta kuring" ngan kabohongan nu aya. lamun lisan geus nyarita "kuring nyaeta anjeun" panto panungguan geus kaliwatan. karajaan kabungah bisa diasupan.

salam.