January 30, 2003

mun masih keneh aya waktu

samasih keneh silalatu can jadi lebu, kuring bakal terus makalangan,
nandangan mangrebu serangan nu ngahaja datang kana ieu dada.

mamang, rebuan mangsa nu kaliwatan bakal ngaguratkeun rasa kuring
nu masih tetep nyimpen ngaran anjeun. dina ieu taneh,
dina ieu pakalangan

tenjo ku anjeun, mamang. runggunukna haur di wetaneun pawon
bakal jadi saksi, yen kuring masih bakal nyepeng ieu kujang nepikeun
ka wates ahir ieu hirup
: du`a anjeun katampi dina jero ati.

January 26, 2003

didieu urang ngaguratkeun nasib

di dieu urang ngaguratkeun nasib. milang tatu, milang kanyeuri. euweuh deui rasa, yen anjeun bakal palastra dina panah kuring. moal.
sabab kuring geus manceugkeun hate, yen ngan kuring nu bakal nyorang mamala di tapel wates kota. ngan kuring sorangan.

didieu urang ngaguratkeun nasib. hampura kuring, bisi geus cindek kana waktuna, kuring kudu miang ka nagri anu jauh, nu teu bisa disorang ku kabeh jalma. kuring mahape, bikeun ieu sajak ka sakabeh jalma. bejakeun, kuring nemaham pati dina jalan anu suci.

didieu urang ngaguratkeun nasib. nyieun hiji pasini, yen anjeun bakal satia nganti.

BumiAllah, 03 Oktober 2002
03:05 WIB.

January 21, 2003

girimis ngan nyesakeun tunggara dina dada

harita, kuring kungsi cumarita. dihandapeun panon poe
nu nyasaak sawah jeung kebon bobogaan si abah. dihandapeun
tangkal waru nu ngan tinggal bugang
:carita nu moal bisa dipupus ku mangrebu kabagjaan

didieu, ayeuna. eweuh deui nu bisa dikirimkeun ka anjeun keur
caritakeun ka anak incu. kabeh geus ngajirim lebu nu hamo bisa
dipulungan, diwangun deui supaya mangrupa

girimis ngan nyesakeun tunggara dina dada, hamo bisa diobatan.

January 16, 2003

gerentes hate (sarijadi)
: Leen_dha

1

urang tepang munggaran
barang amprok pada lalagasan
nunda rasa geter katresna

rasa mika welas mika asih
lir ibarat ca`ang bulan opat welas
bagja taya bandingan nana
nya`angan poek nu ngadalingding
ngahudang rasa katresna ka panutan
duka saha,...
duka dimana,...
teuwalakaya nyimpen rusiah hate !

leres ieu teh katresna nu nembongan ?
atawa katresna anu ngalangkang ?
duh Gusti Nu Anggung,
pasihan abdi jalan ....

katresna nu nembongan,.........
kanyaah nu marengan,.........
nu dongkap teu di ondang
nya`angan kaendahan hate
mapaesan taman hate
duriat nu teu weleh minggat
rasa nu teu weleh ngariksa
kanyaah salira,...
katresna salira,...
ngahudang sarebu rasa!
hate nu teu weleh keueung
ku poek nu ngadalingding
sieun,...abdi sieun
mayunan hate sorangan
mung kieu buktosna,...kieu ayana
sono pami teu tepang
kasono nu taya saatna

kanya`ah nu wangi bersih .. satia jadi kakasih
pameunteu marahmay manis
hajakal lamun endah ngan ukur kalangkang

ngaraos re`eus
najan batin patebih, najan urang pa anggang
Hate teu weleh ingeut bae
hoyong patepang pasimpay tangan
hoyong patepung lawung
naimplengan iraha bakal kasorang
kangeun manteung ka salira
kadeudeuh tilam katresna mung hiji kanggo salira
rasa nya`ah rasa katresna kanggo salira
rasa asih rasa heman kanggo salira

naon lepat na naon dosana
mun rasa nyipangkeun tresna mika asih kasalira
kapan cinta kedah anteung jeung asihna
kapan asihh kedah tringtrim sumadinngna
sedeung rasa rumasa manteung deudeuhna demi kasatiaan
janteun pageuh pamadegan
nepikeun bungkusan kalbu mustika asmara
dania saenyana mika asih kasalira

Duh naon lepatna lamun hate mikanya`ah
Duh naon dosana lamun hate mika asih salira
Duh kapalang deudeuh ieu hate mika heman
duh kapalang cinta ieu hate pikeun dirina
najan kudu nandangan tunggara rek satia moal rek sulaya
cinta moal rek kadungsang dungsang, cinta nu pasrah jiwa jeung raga
moal welas kumawelang, cinta lahir tumekaning bathin
sumanding asih nu tingtrim

naon deui atuh ieu nuhadir dina kalbu
panghudang rasa,...... minuhan sagara hate
jajantung ratug tutunggulan, singhoreng salira panutan
nata kata,..niti ati janten sakalimat puisi
asih salira nu teu acan kedal !!
galindeng salira nu diantos !
waktosna kedal lisan,..
nyumponan harapan diri,...
asih salira,...
kanyaah salira,...
duriat salira,
ku abdi diantos

2
Aya rasa dina diri
sumarambah dina bayah
sumoreang nugencang seueur kamelang
emut kapanutan nuaya di pangumbaraan...
duh panutan .......
salira bet kumolebat bae
ieu hate teu pararuguh
bet hayang sasarengan bae..
junjunan iraha atuh ngajadi..
mun karep nya diri ....
ku kahayang dina sawangan
babarengan silih lendean
dina rasa dina dada aya manehna
duh junjunan kalbu ......
bebende mepende hate
beubeureuh anu geus maneuh
rasa diri hamo lanca-linci
hamo incah balilahan ti salira
Duh ... junjunan ati ...

rasa diri karep beh dieu
diri bet ku kanjonjonan
lamunan kumalayang dina sawangan
kumalayang dina implengan
hete ceurik lamun ras kadiri
sumawona rumaos lamokot ku dosa
inggis Gusti teu ngahampura
duh Gusti bukakeun panto tobat ....
hate ceurik balilihan
inggis Gusti bendu liwat saking
inggis teu masihan waktos
kanggo tobat ka mantena
Gusti hampura abdi
sumangga abdi pasrah badan sakujur
tumarima kana kadar pinuh ku dosa
anging Gusti anu uninga kaayaan abdi saleresna
hate abdi balilihan seja pangampura salira.
Gusti kedah kasaha abdi ngadu
bilih anjeuna cangcaya
kana rasa katresna abdi
abdi jujur mika cinta anjeuna
wakca langeng salamina.
Gusti kedah kumaha nyaurkeunnana
inggis anjeuna sulaya
tebih ti rasa percaya
dumeh abdi ageung dosa...
duh Gusti tulungan abdi
lamun kuring bade wakca...
inggis anjeuna sulaya
bendu ka diri nu dosa, ...
Gusti kumaha abdi nyarita
mungguh ukur kahayang
hayalan kamana-mana
ari karep tara salah,
ngan kanyataan jauh tina lamunan.
raga ukur katempuhan
napsu nu mawa lengkah
nincak kana jalan salah
duh Gusti hampura abdi
mungguh kadar diri
nasib anu mawa jaman
saha anu baha kana takdir
tos jadi guratan illahi
duh junjunan manga nyanggakeun
diri tos lamokot ku dosa
salira tos kauninga
sadaya-daya abdi tumarima
mungguh jalmi gudangna kasalahan
tapi Gusti langkung uninga
jalmi tara salamina salah
mungguh allah lautan hampura
junjunan rumaos abdi lepat
tapi abdi bade janji
kasalira nu dipikacinta
abdi moal baha bade tuhu tur jujur
rasa kaheman nu nyangkaruk
kumalendang dina lamunan
endah kasawang dina implengan
hirup rukun ngajadi hiji
duh junjunan kalbu,
bebende mepende hate, beubeureuh anu geusmaneh,
hate gumalejag ka salira panutan
hamo aya laasna..

Ranggeuy kadeudeuh
aya rasa nu liwat tina mistina
aya rasa nu mudal tina takeran
aya leuwih dina ati nu keur anjeun
aya tambah dina rasa nu keur salira
kanyaah anu kiwari aya
ibarat rasa anu munggaran
kanyaah anu kiwari aya
najan lain nu munggaran, tapi pasti nu panungtung
kanyaah anu kiwari aya
keur anjeun, ngan ukur keur anjeun
saayana badan dina kakurang
salahirna diri dina kanista
nganyam katresna dina rasa nyaah
ngaranggeuykeun kadeudeuh ku rasa geugeut
keur anjeun, ngan ukur keur anjeun

hapunteun anu kasuhun
upami aya kalelepatan
geuning ieu anu kedal dina hate teh

sajak ieu ditulis ku Dudi Taryana nu ngan ditujukeun keur si manehna

January 10, 2003

dejavu


“ema, tinggali! langit siga samangka.” budak umur opat taun
ngagorowok ka indungna

masih natra dina mata. hiji peuting bulan sapotong mapaes langit
nu pinuh ku awan bodas, sedeng bentang tacan nembongan. hawa
peuting ngajirim dina peoekna. anjeun rurusuhan ningalkeun imah
ninggalkeun kuring, nincak buruan bangun nu teu napak ngolepat
siga kilat

ayeuna, lima taun geus kasorang. teuteup anjeun masih sok sering
nembongan dina kongkolak mata, teuteup nu moal aya tandingan
nana. sorot mata nu pinuh kacinta

lima taun kuring nahan cimata ngarah teu jadi leuwi kasedih nu taya
hinggana. lima taun kuring nyipta anjeun ku seahna angin nu
ngoyagkeun dangdaunan dina tangkal. lima taun anjeun ngajirim
hawa peuting

ayeuna, kuring geus teu wasa nahan cimata. seahna angin masih sok
ngoyagkeun dangdaunan, tapi manehna teu bisa nyiptakeun anjeun.
kitu deui hawa peuting

“ema, tinggali! langit siga samangka.”
kuring nyegruk, nyipta anjeun ku cimata.

BumiAllah, 10 Januari 2003

January 09, 2003

ieu rasa pernah aya

mangrebu carita kaliwatan ngan jadi katineung. mangratus carita katunda menta direngsekeun
mangpuluh carita anyar datang, ngorowek jero dada, tapi ieu rasa pernah aya. lain ngan datang
ukur ayeuna. mangjuta taun katukang, ieu rasa pernah ngancik dina dada adam jeung hawa,
majnun jeung laila, hamdun jeung salwa

lain. rasa ieu lain ngan ka kaula, oge lain ngan ka anjeun

ratusan taun ka tukang, rasa ieu pernah ngancik dina hate buyutbuyut urang. puluhan taun
nu katukang, rasa ieu oge pernah ngageugeuh hate indung bapa urang. nepikeun ka ayeuna,
ieu rasa ngetrokan panto hate, hayang asup ka jero sanubari.

BumiAllah, 09 Januari 2003

January 07, 2003

janji urang dina poekna peuting

peuting masih tetep simpe, siga simpena rasa saacan kedal janji
didieu, disaksian ku bentang nu baranang, jeung mega nu mimiti
nyingray, dua nyawa keur silih balaka. ngedalkeun mangrebu carita
mangrebu lalampahan, mangrebu rasa. didieu, di harepeun monitor
dituliskeun ku keyboard, ditepikeun ku mangrebu kabel
hiji janji geus kedal

sanggeus peuting ieu, moal aya deui simpe jeung suwungna rasa
moal deui guligah teu pupuguh ieu hate. batin tingtrim ngan saukur
neundeun hiji ngaran. tunggara bakal kaliwatan

peuting ieu, kuring geus wakca. ngan ngaran anjeun nu di anti
ku kaweningan ati. di pupusti dina diri. ngan anjeun, kasep.

06 Jan 2003

January 05, 2003

hiji deui puisi kaheman keur anjeun
:cent cent


dina poekna peuting, sepina janari leutik, masih keneh kuring ngahudangkeun
rasa. seahna cai di ieu mumunggang gunung, kaelehkeun ku aworna katresna
dina jero dada, handaruan. mangpirangpirang puncak geus kajajal, tapi dina ieu
puncak kuring teu walakaya

akang, puncak hate anjeun teh ningan luhur. kuring teu sanggup deui naekkan nana
akang, ningan hate anjeun teh jero, ngaleuwihan jerona laut kidul. kuring teu
sanggup deui neuleuman nana

meureun, kuring ngan bisa nyipta anjeun dina impian. ngajadikeun anjeun ngan saukur
kembang sare. keun bae ieu hate beuki godewang. keun anteup. sugan sajalan jeung
waktu nu nyerelek, godewangna hate bisa kaobatan. teruskeun lalampahan anjeun, tong
nempo katukang deui. kuring embung jadi cukang lantaran eureunna lengkah anjeun.

BumiAllah, 04 Desember 2002
bejakeun ku anjeun, angin
:cent cent


bejakeun ku anjeun, angin. kuring masih ngajanteng di puncak katineung,
ngadagoan jawaban manehna. ngantinganti kalimah panjang nu ngajentrekeun
yen rasa kuring ge rasa manehna oge. rasa nu dirandapan ku mangreburebu
wanoja jeung jajaka nu silih mitresna

bejakeun ku anjeun, angin. kuring moal waka mulang saacan menang kapastian
neruskeun lampah jeung rasa bagja, sabab manehna boga hate nu sarua
atawa neruskeun lalampahan bari mawa godewangna rasa, sabab harepan teu
ngajirim kanyataan

bejakeun ku anjeun, angin. Kuring bakal terus ngajanteng, teuing nepi iraha.

BumiAllah, 03 januari 2003
pangharepan
:cent cent


di mumunggang ieu, dimana sora manuk jadi musik sasari nu nandaan isukisuk
sedengkeun ajag masih tetep ngalalangsean peuting, nyiptakeun rasa nu moal
bisa dibobodo ku pilem jalangkung, aya hiji carita nu masih tacan manggih ahirna
:hiji wanoja hirup sakaparanparan, ninggalkeun indung bapa
neangan harti hirup nu sabenerna

di mumunggang ieu, tempat eta wanoja nuliskeun hiji pananya keur batinna
ditulis dina batubatu gigireun leuwi. unggal isuk nulis hiji pananya, saban
peuting manehna manggih jawabna. ngan aya keneh hiji batu nu kungsi
ditulisan ku manehna, nepi kiwari tacan kapanggih jawaban nana

dina batu eta manehna nulis,
“naon nu jadi harepan anjeun?”

sugan akang gaduh jawaban nana?

BumiAllah, 30 Desember 2002
hiji waktu
:cent cent


hiji waktu, urang geusan patepung. nyacapkeun carita
nu teu kedal dina monitor, nu teu kungsi kajetrekkeun
ku keyboard, nu tacan pernah kakirimkeun kana email

nya, hiji waktu
sugan jeung sugan jasad kuring masih aya. sabab ieu
rasa moal leungit saharita, moal lipur pangbagea batur
ieu rasa bakal tetep ngancik dina hate, moal aya nu
bisa ngodokna, komo miceun mah

hiji waktu, teuing iraha. urang pasti paamprok,
nganggeuskeun puisi nu katunda, nyiptakeun deui puisi
anyar nu leuwih hade

nya, hiji waktu.

mun masih keneh urang teu bisa patepung lawung,
paamprok jonghok, hayu urang sosonoan
dina implengan.

BumiAllah, 30 Desember 2002
di tepis wiring ieu
:cent cent


hiji deui, carita nu ngajirim hinis dina dada kuring
angkeubna mega, minuhan lalangse hate ku
getih samagaha

anjeun anggeur teu mirosea guligahna hateu jeung
seahna rasa nu ngahiji
:mitineung paneuteup anjeun

di tepis wiring ieu, kuring ngajerit maratan langit
ngoceak maratan jagat. sangkan ieu rasa nepi
dina panto hate anjeun

duh, ningan salira masih anggeur lumampah, ngagidig.
teu nolehnoleh acan. Jerit jeung koceak kuring ngan
saukur angin ipis nu ngaliwat, sakolebat dina penenjoan
iraha atuh anjeun rek neundeun lalampahan sawatara
waktu, nyimpen sakeudapan gembolan dina taktak,
geusan rereuh dina saung hate kuring nu dibangun
khusus keur anjeun.

iraha, kasep?

BumiAllah, 30 Desember 2002