November 27, 2003

poe ieu, panon poe soek
langit hideung mawa cipanon anu ngembeng

anjeun dimana?
didieu kuring ngukir kasedih dina eurih
mawa tunggara dina dada
ngarenghap dina hinis jeung cadas

poe ieu, jalan panjang geus kabuka
tinggal sukusuku letik urang ngalengkah
mawa rebuan carita, mawa godewangna rasa
nu ngagaliwota dina dangding asmarandana

November 05, 2003


jalan ieu..
jalan nu geus kasaba ku mangrebu suku
jalan nu geus kasorang ku mangrebu pileumpangan

tapi jalan ieu..
jalan urang, jalan nu bakal mere carita panjang
jalan nu hamo bakal karambah deui

jalan panjang, jalan ieu, jalan urang zamzam*

*) tina puisi Godi Suwarna, Ronin