October 23, 2003

didieu sigana zamzam
urang rek nemasi pati
rek nigas nyawa sorangan ku hulu pedang

didieu sigana zamzam
roh papisah jeung raga badag
melesat ka langit nu disaput awan hideung
ngajomantara mapag pangbagea nu kawasa.

didieu sigana zamzam
raga urang dipulasara ku hangru getih.