March 27, 2003

mang,
hiji waktu kuring nempo kana diri
aya nu tibelat leuwih ti tibelatna rasa kanu kawasa.
hamo bisa dibangbalerkeun ku puisi nu ngan sakecap.

mang,
aya hiji nagri ancur dina ieu dada
tiwas kulantaran nafsu nu kacida, urang moal kuat
ngalawanna.

mang,
aya nu ngajirim fir`aun di ieu bumi, rek nyekel dunya
dina leungeun kencana.

mamang, iraha musa rek lahir?