December 30, 2003

taun nu muguran tina tangkal jaman

waktu meletek, tauntaun muguran tina tangkal jaman
sedeng kuring linglung teu nyaho jalan balik
anjeun anteung ngimpleng mangsa katukang
ngitung rebuan harepan dina dada peuting

na dimana jarum jam eureunna?
eweuh nu nyaho. eweuh nu paduli
kabeh lumpat muru panon poe anu surup dina
mumunggang abad. kabeh muru impian nu diteundeun
dina lalangit harepan

isuk jaganing geto, urang jeung anjeun
bakal silih teangan. neang cimata nu dipahapekeun
dina ramoramo kasusah, dina ratusan samagaha

tempo ka kulon,
tauntaun muguran tina tangkal jaman.

BumiAllah, 29 Desember 2003

December 29, 2003

jalan urang masih keneh panjang!

December 12, 2003


peuting jempling
mawa katineung manteng
ka anjeun

poek mongkleng
hawa tiis manjur girimis
ngumbah remis

hiji mangsa
urang bakal kapaksa
silih balaka

hampura
ngaran anjeun masih aya
nyangkaruk dina jero rasa

BumiAllah, 12 desember 2003

December 10, 2003

ahirna urang kudu balik oge, mulangkeun deui katineung
ka sagara ambahan anu ngemploh ku carita katukang
mangsa hate kebek ku kaheman jeung katugenah
ngahiji dina dapuran hate nu pinuh ku euriheurih kasedih

ahirna urang kudu balik oge
nepungan anjeun bari mawa rebuan carita
ahirna urang mulang ka sarakan.

2003

December 09, 2003

ema

ema,
peuting kamari kuring ngimpi panggih aki jeung nini
padahal asa geus lila maranehna ninggalkeun urang
tapi dina impian, asa cikeneh maranehna mapatahan
sorana masih ngagalindeng dina gegendang
matak nyecep kana ati, patri kana jajantung

ema,
ieu kuring di lembur batur...
ngajerit menta tulung, menta hampura
bongan saha bedegong, mawa karep sorangan..
poho kana temah wadi. rasa diri wani tur sanggup
asa aing uyah kidul...

ema,
peuting ieu kuring teu walakaya
nandangan kaheman nu teu manggih obatna
iwal neuteup anjeun ku dua panon
ninggali cimata anjeun ngalembereh..

ema,
peuting ieu kuring nyegruk
teuing kumaha, anjeun ngolebat dina kongkolak
nyerangkeun bari teu elat zikir
kuring pasrah.. meureun ayeuna anak anjeun
sumerah kana pati nandangan kaheman dina jero ati.

BumiAllah, 09 Desember 2003

December 04, 2003

langit hate angkeb!